Judul: Ngalamun Jadi Sultan (CEO)
Cipt. Agus GenzyÂ
Terbit: mata-peristiwa.id
(Intro)
“Aduh, hulu lieur dompét lémpés… ngalamun heula ah!”
(Verse 1)
Hudang saré kalah bingung
Nempo paré geus dina kurung
Dompét ipis jiga darmaga
Hayang dahar gé kudu nunggu batur méré sésa
Tapi pikiran mah sok hayang maceuh
Hayang hirup méwah, hayang jadi jelema peuteuh
(Pre-Chorus)
Ukur ngalamun bari nagog nunggu eupan
Nempo tatangga ganti mobil unggal bulan
Rejeki urang mah can katingal irungna
Ngan hayang téh loba… teu mikir ka modalna!
(Chorus)
Hayang boga pamajikan dua
Anu hiji geulis, anu hiji deui mah leuwih gaya
Tapi syaratna kuring kudu beunghar
Sangkan balanja maranéhna teu kudu sesek napas amarah
Hayang boga pamajikan dua
Sangkan imah ramé, teu jiga kuburan tua
Tapi dalah dikumaha, udud gé masih nambutan
Pamajikan nu hiji gé geus méré piring hiber unggal bulan!
(Verse 2)
Anu kolot boga butik di Bandung
Anu anom boga toko emas di Lampung
Kuring mah ngan ukur gogoléran dina kasur
Dahar disulangan, awak mah montok jiga lulur
Tapi éta mah sakadar mimpi dina beurang
Sebab kanyataan mah, hutang sayur gé can ka bayar, Amang!
(Bridge)
Duh Gusti… naha ngalamun téh sok jauh teuing
Boga pamajikan hiji gé, sirah geus jiga nu ditalengteng ku ucing
Menta harta, menta gaya, menta sagala
Sedengkeun kuring mah ngan ukur kuli macul di sawah batur hungkul
(Chorus)
Hayang boga pamajikan dua
Anu hiji geulis, anu hiji deui mah leuwih gaya
Tapi syaratna kuring kudu beunghar
Sangkan balanja maranéhna teu kudu sesek napas amarah
Hayang boga pamajikan dua
Sangkan imah ramé, teu jiga kuburan tua
Tapi dalah dikumaha, udud gé masih nambutan
Pamajikan nu hiji gé geus méré piring hiber unggal bulan!
(Outro)
(Sora pamajikan ngagorowok: “Bapanaaa! Pangneangkeun kutang dina jemuran!”)
Aduh… buyar deui waé ngalamun téh!
Geus ah, boga hiji gé matak lieur…
Mending oge neangan rongsok meh bisa dahar engke peuting.
Hapunten Gusti… ngalamun mah haratis ieu!












